Selasa, 02 Desember 2008

SAUNG BABADOTAN

wancahan
Babadotan teh mangrupa wancahan tina Babaturan Dua rebu Opatan
make kecap saung salaku tempat onlinena atawa basecampna, kusabab kudu dimana deui atuh jaman kiwari nyieun saung "leutik tapi lega" ari teu dina dunya maya mah.

nyungsi harti kecap

saung hartina wawangunan paragi pangreureuhan atawa tempat ngiuhan
babadotan eta sorangan mangrupa ngaran jujukutan nu bau ambeuna, sok dijadikeun tamba (obat) raheut jeung nu gering panas.

ma'na harepan
tina saung : sugan bisa dijadikeun tempat ngiuhan jeung pangreureuhan
tina babadotan : sangkan bisa kaambeu jeung silih ambeuan (tong ngeres) boh lalampahan atawa pangalaman, jeung sugan bisa jadi tamba sagala karaheut hate atawa tibelat, panas pikir tina kabingbang tur kabingung.

MUGIA ka sadayana mahasiswa atanapi alumni jurusan pendidikan basa Sunda UPI entragan 2004, tiasa ngiring aub dina ieu saung pikeun manjangkeun tali mimitran, sangkan bisa silih asih, silih asah, silih asuh jeung babaturan saentragan.

7 komentar:

aneu mengatakan...

Sae.....Sae.......!
Dika hayu urang metis di Anggara! hik hik hik

arfun_guard mengatakan...

entragan 04..salam kanggo sadayana...mugia sadayana katampi janten PNS ..amien..anit....dont forgrt me key!!

nengena mengatakan...

hei...hei...cageur?

nengena mengatakan...

ulin atuh uy ka malingping....ulah di bandung wae...BOSEN....c eneu mah pagawean teh metis we jeung ngaliwet.ha.ha.ha.

gung soekaboemi mengatakan...

wilujeng tepang, lur! sae tos gaduh blog, mangga sumping di gungsoekaboemi.blogspot.com sareng pasihan komentar-na.
mangga kintun email+paswordna ieu blog ka a_priyaguna@yahoo.co.id atanapi ka balandongan@gmail.com. margi simkuring mah internetna 24 jam janten ngke gung tiasa ngedit saeng ngintun tulisan ngiring di kokolakeun.
sakitu lur
wassalam

DR mengatakan...

kumaha atuh can dilongok deui kitu?
hayu atuh rang "ngobrek" Ngobrol nepika Becrek...haha

DR mengatakan...

hey hayu atuh, longokan babaturan