Selasa, 12 Mei 2009

Hayu Dulur

Dulur, hampura saung babadotan can kaurus bener. Bisi rek miluan ngokolakeun, sms we ka adhika! Sok lah urang babarengan ngurusna meh tereh gede.

Selasa, 02 Desember 2008

SAUNG BABADOTAN

wancahan
Babadotan teh mangrupa wancahan tina Babaturan Dua rebu Opatan
make kecap saung salaku tempat onlinena atawa basecampna, kusabab kudu dimana deui atuh jaman kiwari nyieun saung "leutik tapi lega" ari teu dina dunya maya mah.

nyungsi harti kecap

saung hartina wawangunan paragi pangreureuhan atawa tempat ngiuhan
babadotan eta sorangan mangrupa ngaran jujukutan nu bau ambeuna, sok dijadikeun tamba (obat) raheut jeung nu gering panas.

ma'na harepan
tina saung : sugan bisa dijadikeun tempat ngiuhan jeung pangreureuhan
tina babadotan : sangkan bisa kaambeu jeung silih ambeuan (tong ngeres) boh lalampahan atawa pangalaman, jeung sugan bisa jadi tamba sagala karaheut hate atawa tibelat, panas pikir tina kabingbang tur kabingung.

MUGIA ka sadayana mahasiswa atanapi alumni jurusan pendidikan basa Sunda UPI entragan 2004, tiasa ngiring aub dina ieu saung pikeun manjangkeun tali mimitran, sangkan bisa silih asih, silih asah, silih asuh jeung babaturan saentragan.